Blog Archive

Pages - Menu

Sunday 31 January 2016

KUNASARI / BUBUKA UPACARA ADAT

  Unknown       Sunday 31 January 2016


KUNASARI / BUBUKA UPACARA ADAT

1.
Ya Alloh Robbul alamin
Kersaning Alloh Nu Agung
Jungjunan parantos sumping
Nyandak bewara waluya
Ieu wanci nu mustari
Tinekanan nu diseja

Mugi Alloh anu Agung
Ngaraksa sareng ngajaring
Maparin kanugrahan
Sinugraha ati wening
Pasini baris ngajadi
Geusan hirup babarengan


2.
Payung nujadi papayung agung
Mayungan nu seja nyumponan
Pancen nu maha agung, nubaris
/rengse/ ayang-ayanggung/ka – ti/
Balenyungcung

Umbul-umbul nu melengkung ngagebur
Lir kuwung-kuwung
Tawis bingah wireh dinten ieu
Nugaduh cita-cita agung balayar
Nyorang sagara kabagjaan
Beber layar tarik jangkar
Baris cunduk kanu dimaksud
Datang kanu di sorang

Mamang lengser ambu lengser nujadi utusan
Ngemban bewara pikeun sakabeh rahayat
Kalawan ngiring bingah
Ngawilujeungkeun kanu nembe sumping
Nubaris ngalaksanakeun rumah tangga
Nyumponan papagon agama
Tumut galur sunah rosul
Napak lacak hukum sara

Para merak nu lalenjang ngagupay
Kurasa tresna ngiring bingah kadua insan
Anu dina dinten ieu baris nyorang kabagjaan
Mihareup rido ti alloh kanugrahaan
Tinu kawasa


3.
Leu leu leui leui leuleu leuleuyang 2x
Tuh tuh itu rombongan parantos datang 2X

Leu leu leui leui leuleu leuleuyang 2x
Hayu hayu batur urang papag ku haleuang

Leu leu leui tangkal cangkring dina lamping
Haturan haturan haturan wilujeung sumping


4
Kunasari / Kalungan Bunga
1.      Anaking nu nembe sumping
Ieu rasa deudeuh ema
Tawis asih ka panutan
Ka hidep kasep anaking
Ka deudeuh ka nyaah ema
Sing jadi lawang kabagjaan

2.      Tah ieu kangkalung kembang
Sumangga ku hideup tampi
Pikeun ciri kana diri
Nuduhkeun jalan anu suci
Runtuyan kembang malati
Sumangga ayeuna tampi

Rap manglena di sanggakeun





logoblog

Thanks for reading KUNASARI / BUBUKA UPACARA ADAT

Previous
« Prev Post

No comments:

Post a Comment